FAQ |
Calendar |
![]() |
|
Jokes Segala hal yang lucu dan kocak bisa kamu baca ataupun share disini. |
![]() |
|
Thread Tools |
#1
|
||||
|
||||
![]() DONGENG JAWARA TOHIR Hiji mangsa si Tohir sasapedahan, si Tohir teh penampilan na rada serem, awak gede kawas Ade Rai, kumis baplang, kulit hideung kawas manggu, pokona serem!! Kasebutkeun di hiji tempat si Tohir abus ka warung, da capeun hayang nginum. Tempat eta teh kasohor warga na jail alias teu aman da sok loba barang laleungitan, komo ka urang asing mah, bener we pas si Tohir kaluar sapeda na leungit. Tohir abus deui ka warung, ngacung-ngacung golok sagala... "SIAPA DIANTARA KALIAN YANG BERANI MENCURI SEPEDA AING HEH?" Ngagorowok make bahasa Indonesia t�a, bari rada campur-campur, aneh lah! Kabeh jarempling, eweuh nu wanieun ngomong. "BAIKLAH, AING AKAN MINUM SEBOTOL BIR, BILA SEPEDAKU TAK KEMBALI DI LUAR WAKTU AING SELESAI, AING AKAN LAKUKAN APA YANG TELAH AING LAKUKAN DI CIANJUR! DAN AING BENCI PISAN SAMA YANG TELAH AING LAKUKAN DI SANA!" Kabeh nu aya di warung ngadegdeg, sieuneun. Teu lila saenggeus beak sabotol bir, Tohir kaluar nyampak sapeda na geus aya deui, tuluy we langsung ditumpakan bari nyengir kuda... . Nu boga warung heran tuluy nuturkeun bari nanya, "Emang naon nu terjadi di Cianjur Kang?" Ceuk Tohir bari ngaleos: "GELO SIAH! AING BALIK LEUMPANG KA BANDUNG!" Terkait:
|
![]() |
|
|